Monday, June 13, 2016

Anaking*

Anaking, anak Apa**
kiwari Apa geus nepi
ka lembur anu sabenerna,
lembur nu beda
jeung lembur urang baheula.

Anaking, anak incu
mun isuk-pageto
hidep sono hayang papanggih jeung Apa,
tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,
omat tong angkaribung barang bawa,
sabab Apa
geus lain Apa anu baheula!

Anaking, kamelang Apa!
mun hidep nyaah ka Apa,
teu kudu bingung mulang tarima,
tapi cukup bejaan Apa:
yen hidep geus jadi jalma soleh,
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah
bari salawasna terus ngadu’a
sangkan aya dina ridlo Anjeuna

Anaking,
mun hidep nyaah ka Apa,
cukup bejaan Apa:
yen hidep nyaah ka Apa,
akur jeung dulur,
runtut-raut sauyunan
silih hargaan silih elingan
silih tulung silih bantu
gogonjakan jiga baheula!

Anaking,
pang bejakeun ka anak incu hidep,
yen Apa nyaah ka hidep!
nyaah ku lucu na,
nyaah ku bela na,
nyaah ku sumanget na!

Bejakeun ka kulawarga hidep
Apa geus nepi ka nu dituju,
Apa rek satia nungguan,
di dieu,
di hareupeun panto surga!

Anaking, anak-incu,
wayahna, baca ieu surat saeutik deui!

Apa hayang mere beja
nyambung beja anu baheula:
nu manfaat di dieu, di alam baka;
geuning lain harta, lain tahta,
lain pangkat, lain jabatan,
tapi wungkul
amal soleh waktu di dunya
nu dibungkus iman jeung katakwaan!

Ayeuna ku Apa geus karasa,
geus karasa!
karasa endahna solat jeung puasa,
karasa endahna zakat,
karasa endahna mikanyaah fakir-miskin,
karasa endahna akur jeung dulur,
bari heman ka tatangga!

Anaking, anak-incu,
mun hirup hidep kadungsang-dungsang,
mun hidep loba ma’siat tibatan tobat,
loba takabur batan tafakur,
loba sasar batan istigfar,
loba salah batan ibadah,
omat Apa tong dibejaan,
sabab teu sanggup ngadengekeunana!

Anaking,
hampura, hampura
du’akeun Mamah jeung Apa hidep.

*anonim dari salah satu grup WA
**dimodifikasi dari "Ema" ke "Apa"

Wednesday, June 8, 2016

Melawan malas

Tahu kan gimana beratnya masa-masa ketika kita harus mengerjakan skripsi? Nah..sekarang masa-masa itu tiba lagi. Doakan saya bisa kuat melawan diri saya sendiri..melawan kemalasan dan niat-niat untuk procrastinating yang tidak pada tempatnya.. Amiin..